Postingan

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-5 Bapa Maot

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG  BAPA MAOT ( Bagéan ka-5 ) Baju saragam nu anyar meunang ngaput diajaran ku kuring. Kuring ngenteung hareupeun kaca bari nilik-nilik diri. Pantes heunteu maké saragam nu anyar. Sanggeus ngarasa pantes tuluy ka luar ti kamar. “Ma, Apa, tingal!”ceuk kuring. “Pantes jeung geulis!” saur Ema sareng Apa. “Énjing sakola téh?”saur  Apa bari nyurucudkeun cai soca. “Énjing mah Minggu, pagéto, ” saur  Ema. “Nya atuh sugan wé Apa kaburu damang. Éngké mun ka Lémbang rék dipegat sisi jalan, ” saur  Apa dumareuda. Kuring unggeuk sabab ieu dina tikoro asa nyelek, cimata teu beunang ditahan. Puguh ti sakola sakitu lungséna katambah ningali  Apa jiga kitu asa taya tangan pangawasa. Kuring tuluy diuk. “Ayeuna mah Apa sing damang heula. Urang doakeun ku urang, Ceuceu téh sing pinter salawasna. Sing aya biayana ti mana wé, sanajan kebon urang tos dijual. Sugan wé kagantian deui keur modal urang pepelakan!” saur  Ema. Ceuceu ...

sajak & puisi

2. (Senen, 15-07-2019)                                                        DI PERTELON Mangsa kalangkang sapanjang badan Nitih wanci niat mahet jangji Ngan hanjakal kahalang rasa hariwang Pasini ingkar jiga po é  nu kamari Di pertelon jalan nu biasa Kuring nungguan salila-lila Unggal jalma ngaliwat ditanya Sugan panggih jeung man é hna Lalaunan langit robah warna Tina biru kana oranye, jingga Layung ngempur sampurna Tapi tetep anjeun teu aya Kuring mulang, ngal é ngkahkeun suku Panasaran ninggali ka tukang Rentang-rentang anjeun datang Kuring pinuh ku hanjelu Hanjelu ningal anjeun r é r é nd é ngan Bari jeung pacepeng-cepeng panangan Anjeun mopohkeun jangji urang Mun kitu kuring dianggap ilang 1. (10-7-2019)                             ...

Cerpen : Lembayung di Batas Kota

LEMBAYUNG DI BATAS KOTA Hari itu sudah sangat sore ketika aku sampai di pasar. Betapa berat rasanya meninggalkan ibu sendirian di gubug bilik bambu. “Maafkan aku , Ibu. Semoga lewat do’amu aku akan bertahan hidup,” kataku dalam hati. Air mata pun tak tertahan dari sudut mata. Aku benahi kantong keresek yang penuh dengan pakaian dan buku-buku. Andai saja kupunya koper atau rangsel mungkin tak repot begini. Walaupun begitu tak membuatku mundur pulang ke rumah.             Angkot yang kunaiki mulai melaju. Kerinduan demi kerinduan terus membuntutiku. Kenangan masa silam bagaikan layar lebar terpampang di hadapanku. Mampuhkah aku mengubur kerinduan-kerinduan itu. Bisakah aku menyimpan semua kenangan. Adakah obat penawar luka agar aku dapat melalui jalan yang berliku.             Kerinduan-kerinduan yang menumpuk. Kasih sayang yang terhalang. Rasa cinta yang tertunda. Seakan...

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

Serantang Bakso di Gerimis Hujan Sore itu, entah mengapa   aku ingin sekali ke rumah temanku. Padahal aku harus cepat-cepat pulang ke rumah. Temanku, Yudi namanya. Kami telah berteman setahun yang lalu. Seperti biasa setiap aku akan mengetuk pintu, pintu langsung dibuka. Seakan Yudi tahu kalau     aku ada di luar. Aku disambut dengan senyum yang manis. Senyum itu tak asing lagi bagiku, karena setiap jam istirahat dia selalu tersenyum di depan pintu kelasku. Aku masuk ke dalam rumah mengikuti langkahnya. Dia isyarat dengan tangannya supaya aku duduk. Aku duduk setelah salaman dengan Mimih, ibunya Yudi. Aku menunduk malu karena ada Mimih duduk di sampingku. Ingin rasanya aku pulang   walau baru datang. Tetapi kuurungkan niatku, karena hujan tiba-tiba turun. “Mimih mau pergi dulu ke warung ya ,Nina?” kata Mimih. “Ya, Mih,” jawabku. Hatiku agak sedikit lega. Walaupun begitu ada rasa takut, karena di rumah cuma berdua dengan Yudi. “Nina, Yudi ke luar seben...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-4

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang) Bagéan ka-4 Pentas Seni Siswa Baru Bray kuring beunta, bener kuring tibra da asa teu ngimpi nanaon. Saking ku tibra teu ngadéngé adan subuh. Hudang ogé diguyah-guyah ku Ema.   "Alah Ma, kasiangan!" ceuk kuring bari gura-giru rék indit mandi ka tampian. "Bisi heurin mah di tampian, di WC wé pan caina pinuh dina badéng!" saur Ema. " Nya Ma!" ceuk kuring. Barang nepi ka tampian bener wé heurin. Atuda hudangna kurang subuh. Kuring mandi maké cai tina badéng. Gesut dangdan, kencling indit ka sakola. Barang nepi ka jalan tuluy megat mobil. Mobil pinuh ku barudak SMP , ampir teu bisa diuk dina jok. Lamun nungguan mobil nu kadua meureun kabeurangan pisan datang ka sakola. Barang datang ka sakola bener siswa anyar keur bararis. Kuring dipeugat ku panitia. "Terlambat, ya!? Bagus !"ceuk panitia. "Apa yang membuatmu terlambat ?" saur Téh Nur. "Entahl...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-3

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring   Carita Urang ) Bagéan ka-3 NYUSUD TULUNG             Sabalikna ti sakola, kuring dibagéakeun ku Ema di lawang panto. Ema tos ngantosan kéngéng dangdos rapih pisan. Kuring uluk salam, bari ngesun panangan Ema.Ku Ema sirah kuring diusapan.Tuluy kuring ditungtun diajak asup ka imah. “Ceu, geura emam heula!” saur Ema. “Muhun, Ma,” ceuk kuring. Kuring dahar saaya-aya. Saperti biasana beuleum asin , lalab jeung sambel goang. Nikmat pisan ari kakara balik sakola mah. Réngsé dahar tuluy kuring cucul baju, diganti ku baju anu pang alusna. “Hayu, tos siap!” saur Ema. “Atos, Ma,” ceuk kuring. “Nya atuh urang ka bumi uwa, urang neda pidu’a sareng naroskeun ka kapala sakola,”saur Ema. “Mangga, Ma,” ceuk kuring bari nutupkeun panto. “Ma, ari Apa kumaha?” ceuk kuring. “Keun wé da nuju tibra. Sakedap deui Si Nyai kadieu,” saur Ema Kuring jeung Ema indit ka lembur uwa. San...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG BAGÉAN KA - 2

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang ) Bagéan ka-2 POÉ MUNGGARAN SAKOLA             Barang datang ka sakola, isuk kénéh can aya sasaha. Jol aya lalaki tuluy nyampeurkeun ka kuring. “Siswa baru, ya?” tanya manéhna. Kuring unggeuk minangka jawabna. “Tanginas énjing kénéh tos ka dieu. Manawi téh abdi pang énjingna,” pokna deui. Kuring unggeuk deui.             Jol aya sababaraha urang siswa maké saragam bodas abu-abu, jigana panitia. “Itu panitia geuning némbé sumping ka dieu, nya?”pokna deui. Kuring unggeuk deui. “Tah tos tilu kali unggeuk, hoyong nguping kumaha soantenna, halimpu teu?” pokna deui. Kuring seuri bari tungkul. “Itu geura kalah gumujeng,”pokna deui. “Atuda nu sanés mah pami munggaran tepang téh sok kenalan, nepangkeun diri,”témbal kuring bari seuri deui. “Oh, janten palay kenalan mangga atuh, ari kitu mah. Punten ny...