FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-3
FLAMBOYAN
PALEBAH JALAN KA LÉMBANG
(
Hariring Kuring Carita Urang )
Bagéan ka-3
NYUSUD TULUNG
Sabalikna ti sakola, kuring
dibagéakeun ku Ema di lawang panto. Ema tos ngantosan kéngéng dangdos rapih
pisan. Kuring uluk salam, bari ngesun panangan Ema.Ku Ema sirah kuring diusapan.Tuluy
kuring ditungtun diajak asup ka imah.
“Ceu,
geura emam heula!” saur Ema. “Muhun, Ma,” ceuk kuring. Kuring dahar saaya-aya.
Saperti biasana beuleum asin , lalab jeung sambel goang. Nikmat pisan ari
kakara balik sakola mah. Réngsé dahar tuluy kuring cucul baju, diganti ku baju
anu pang alusna.
“Hayu,
tos siap!” saur Ema. “Atos, Ma,” ceuk kuring. “Nya atuh urang ka bumi uwa,
urang neda pidu’a sareng naroskeun ka kapala sakola,”saur Ema. “Mangga, Ma,”
ceuk kuring bari nutupkeun panto. “Ma, ari Apa kumaha?” ceuk kuring. “Keun wé
da nuju tibra. Sakedap deui Si Nyai kadieu,” saur Ema
Kuring
jeung Ema indit ka lembur uwa. Sanepina di bumi uwa, kuring menta pidu’a ka uwa
sakulawarga sangkan sakola kuring aya dina kalancaran. Wangsul ti bumi uwa
langsung ka bumina kapala sakola. Maksudna rék nanyakeun kumaha carana lamun
hayang jadi anak asuh di Yayasan Sosial. Kapala sakola teu nerangkeun kedah
kumahana, ngan miwarang nepangan langsung ka kapala yayasan . Anjeunna masihan
alamat yayasan ka Ema.Sabada nganuhunkeun ka kapala sakola , kuring jeung Ema
lumaku rék ngajugjug yayasan.
Alamat
pamasihan ti kapala sakola dipasihkeun ka kuring ku Ema. Pokna : “Ceu, ieu baca
urang kudu ka mana?” saur Ema bari nyurucudkeun cisoca. Kuring asa ngahelas. Teu
karasa , malah ieu cipanon teu katahan.
Hayang hiji mangsa lamun rinéh kuring ngajarkeun maca ka Ema. “Ema nuhun
pisan salami ieu Ema tos nyakolakeun abdi,” gerentes kuring na jero haté. Sabab
teu wasa nyarita tikoro asa aya nu ngahalangan. Saeunggeus rada lila
neger-neger haté, kuring tuluy ngomong ka Ema kudu ka lebah mana.
Barang
nepi ka yayasan, kuring jeung Ema muru ka tempat piket.”Selamat siang,”ceuk
kuring . “Siang, ada yang bisa saya bantu?”saur Bapa Petugas. “Maaf, Pak saya
bersama Ibu mengganggu. Begini, Ibu bermaksud menitipkan saya di sini, saya
ingin sekolah tapi tidak punya biaya ,”ceuk kuring dumareuda. “Oh terima kasih
Ibu dan Ananda telah datang ke sini. Tapi maaf, yang diterima di sini balita
bukan remaja, “ saur Bapa Petugas. “Oh, ya terima kasih Pak. Kami pamit pulang,
ceuk kuring bari haté hanjelu. “Ma, mangga urang uih wé. Da saur Bapa Petugas
nu ditampi di dieu mah orok atanapi murangkalih alit sanes rumaja, ceuk kuring.
“Lain milik urang meureun, Ceu,”walon Ema. “Bapa, mangga, nuhun pisan !” saur
Ema bari unggeuk. Bapa Petugas males unggeuk bari imut.
“Hayu
Ema urang uih,”ceuk kuring bari ningali pamenteu Ema nu ribeg ku cisoca. Sapaparat jalan Ema ngusapan
sirah kuring. Curucud deui Ema nangis. Kuring mah hayang ceurik ogé ditahan.
Barang
nepi ka imah, Apa nyampak nuju ngantosan. Si bungsu atoh pisan ningali Ema tos
mulih bari rada olo-olo. Padahal geus tamat SD minggu kamari, ma’lum bungsu
meureun.
“Ema
hoyong meser sapatu saé,ceuk si Teteh ogé !” ceuk si bungsu. “Hampura Nyai, Ema
lain teu hayang mangmeserkeun sapatu saé. Pan urang teu gaduh artos,” saur Ema.
Nging Si Nyai ceurik. “Jep, jempé. Ceuceu ogé teu dipangmelikeun !” ceuk kuring
rada keuheul. “Pan Ceuceu mah sakola , Nyai heunteu,” Si Nyai ngomong deui bari
ceurik deui beuki tarik. “Salah sorangan maké embung sakola!”kuring malik
nembal.
Da teuing
saha nu salah, kuring ,Si Nyai, atawa Si Teteh lanceuk kuring? Da Si Ayi mah nu
pangais bungsu teu mungkin, budak sakitu solehna. “Jep, ah jarempé, engke
dipangmelikeun pami aya cicisna,” Saur Ema.
Kuring asup
ka kamar, gap kana baju saragam nu kakara menang ngaput. Tuluy dibawa ka tengah
imah rék ditémbongkeun ka Apa. Apa nyurucud cisoca , kaciri bangun sedih pisan.
Pok Apa naros ka Ema: “Kumaha hasil ka yayasan téh ?” Ema gideug minangka
jawabna.
Curucud
Ema nangis bari ngarangkul ka Apa nu nuju mejeuhna parna.Padahal kamari Apa tos
mending. Karugrag jigana balas mikiran kuring.
Kuring
lumpat ka kamar . Teu wasa ningali Apa sareng Ema. Kuring teu kuat nandangan
kasedih , ka peurih. Tapi sanajan kaayaan jiga kitu kuring geus gilig hayang
sakola. Hamo aya anu bisa ngahalangan. Pamaksudan nu geus dicita-cita ti
anggalna. Sanajan Si Teteh jeung tatangga nyarék ulah sakola, pajarkeun téh
karunya ka kolot. Béda jeung pamikiran Ema, nu teu weléh nganteur kana kahayang
kuring. Pikeun nyakolakeun anak-anakna , Ema bélaan nganjuk ngahutang.
Ema
nyampeurkeun ka kamar kuring. “Ceuceu nuju naon ? ” Saur Ema bari sisidueun. “nuju
mérésan alat-alat tulis , Ma, kanggo enjing bilih kasiangan,” ceuk kuring. “Enya
tos ayeuna geura bobo sing tibra. Ulah seueur emutan bilih rieut. Pami badé sakola,
sakola sing junun peupeuriheun Ema teu pernah sakola, ” Saur Ema bari ka luar
ti kamar.
“Duh Gusti
paparin kakiatan ka abdi sakulawargi. Angging Anjeun tempat abdi nyungkeun
tulung , tempat abdi néda du’a, mung ka Anjeun abdi muntang. Cita-cita abdi nu
saluhur béntang, pamohalan bisa kahontal. Ibarat ngajul béntang ku asiwung.
Nyusud Tulung
1.
Ti lembur indit ka kota
Nungtut élmu niat sakola
Tapi dalah di kumaha
Lamun teu boga biaya
2.
Nyusud tulung ka ditu ka dieu
Batan hasil kalah misleuk
Ari nasib kedah kieu
Najan pinuh keuheul ambeuk
3.
Ngajul béntang ku asiwung
Béntang luhur di awang-awang
Nyungkeun tulung kanu Agung
Tempat kuring pikeun muntang
Abdi yakin, percanten Anjeun bakal ngabulkeun. Indung nu jadi pangjurung laku, kaayaan nu jadi panguat rasa. Lahaola.” Reup kuring peureum.
Komentar
Posting Komentar