FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-5 Bapa Maot
FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG BAPA MAOT ( Bagéan ka-5 ) Baju saragam nu anyar meunang ngaput diajaran ku kuring. Kuring ngenteung hareupeun kaca bari nilik-nilik diri. Pantes heunteu maké saragam nu anyar. Sanggeus ngarasa pantes tuluy ka luar ti kamar. “Ma, Apa, tingal!”ceuk kuring. “Pantes jeung geulis!” saur Ema sareng Apa. “Énjing sakola téh?”saur Apa bari nyurucudkeun cai soca. “Énjing mah Minggu, pagéto, ” saur Ema. “Nya atuh sugan wé Apa kaburu damang. Éngké mun ka Lémbang rék dipegat sisi jalan, ” saur Apa dumareuda. Kuring unggeuk sabab ieu dina tikoro asa nyelek, cimata teu beunang ditahan. Puguh ti sakola sakitu lungséna katambah ningali Apa jiga kitu asa taya tangan pangawasa. Kuring tuluy diuk. “Ayeuna mah Apa sing damang heula. Urang doakeun ku urang, Ceuceu téh sing pinter salawasna. Sing aya biayana ti mana wé, sanajan kebon urang tos dijual. Sugan wé kagantian deui keur modal urang pepelakan!” saur Ema. Ceuceu sing pinter, sing tawakal, si