sajak & puisi


2. (Senen, 15-07-2019)
                                   
                   DI PERTELON

Mangsa kalangkang sapanjang badan
Nitih wanci niat mahet jangji
Ngan hanjakal kahalang rasa hariwang
Pasini ingkar jiga poé nu kamari

Di pertelon jalan nu biasa
Kuring nungguan salila-lila
Unggal jalma ngaliwat ditanya
Sugan panggih jeung manéhna

Lalaunan langit robah warna
Tina biru kana oranye, jingga
Layung ngempur sampurna
Tapi tetep anjeun teu aya

Kuring mulang, ngaléngkahkeun suku
Panasaran ninggali ka tukang
Rentang-rentang anjeun datang
Kuring pinuh ku hanjelu

Hanjelu ningal anjeun réréndéngan
Bari jeung pacepeng-cepeng panangan
Anjeun mopohkeun jangji urang
Mun kitu kuring dianggap ilang



1. (10-7-2019)

                               KASURA

Kasura ku cucuk mah peurihna teu lila
Kasura ku beling mah peurihna leuheung
Kasura ku jarum  mah aya eureunna
Kasura ku panah cinta tara sakeudeung

Kasura  kitu salah kieu salah
Disuat pasti karasa nyeri
Teu disuat pon kitu deui
Nyeri ... peurih.... aduh alah

Kasura sok hemar hemir nyuatna
Padahal geus disuat  mah sok longsong
Sanajan  nyeri peurih rasana
Ibarat bucat bisul sok ngemplong

Ngemplong kasura ku seuseukeutan
Katingali nu kudu diturihna
Kitu gé mun seuseukeutanna beunang
Mun tinggaleun, bareuh ahirna

Geus disuat buburu  diubaran
Lamun bareuh sok kamalangkem
Disuat bijil getil nanahan
Lamun cageur humapur ateul

Lain deui, lain deui ieung ....
Mun kasura ku panah cinta
Bisa édan jadi linglung,  lieur ....
Kamana? Kumaha? Hese ngubaranana.

Rék disuat palebah mana nyuatna
Asa surser, pinuh sakujur badan
Panas tiris, teu puguh rarasaan
Nutug jajantung  parat jero dada




Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN