Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2020

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG (Hariring Kuring Carita Urang) PENCOK HIRIS KANGGO EMA ( Bag éan ka-7 )                 Waktu kuring jeung D éman nepi ka panto hareup, Irén geus nungguan. Pok ngomong:”Ceu ngerjakeun PR téh éngké balik sakola,nya?” Enya, ”t é mbal kuring.                 Teu karasa b é l tandana bubaran sakola disada. Kuring jeung Irén indit ka imah Irén. “Tungguan di dieu sakeudeung!”ceuk Irén. Kuring cicing handapeun flamboyan bari ningalikeun kandaraan nu lalar liwat. Rupa-rupa mobil aralus pisan. Pating gurilap kacana katojo ku panon po é. Matak sérab ningalina. Motor pasiap-siap ngebut. Aya ogé délman, malahan reg eureun. Tuluy kusirna ngomong:”Néng ka Lémbang?”Moal, M ang!” ”ceuk kuring bari mundur nyisi pisan. G ék kuring diuk dina batu bari nyarand é kana tangkal flamboyan. Awak nu tadina hareudang jadi rada tiis ayeuna mah. Kaiuhan , jeung hiliwirna angin matak seger. “Ceu … Ceu … Ceu …!” Irén ngaguyahkeun. Kuring reuwas r ét ka I