Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2020

PKP OH PKP ( PUISI PKP )

Gambar
   Bu Pengawas , Bu GI dan Peserta PKP Kelas Rendah     Kecamatan Lembang PKP OH PKP (Puisi PKP) Ku : Inah Enceu Poé Ahad, mangsana peré Waktuna istirahat, nyalsé Kudu palatihan Pékapé Ngeureuyeuh sanajan capé In hiji taya nu kudu dipigawé In dua mimiti aya LK kudu onlén Loding, unavailable, érror baé Aplod LK kudu mulan-malén Janari buru-buru onlén deui Dina  kaayaan keur sepi Néang LK peuting tadi Haté bungah LK geus nepi Leuheung mun kelompokna kompak Nyusun tugas imet, heunteu ngacak Kadang babaturan teu nyampak Sakapeung haté sok soak On hiji RPP, nyieun nu HOTS Mungguhing Penilaianana mah HOTS Najan LK aya nu tinggal niron Ngonsép kudu rada alon-alon In tilu can parat tugas Geus aya anu ngahiras Cenah bantosan sing ihlas Teu téga ningali anu ngahélas Sanajan haté teu yakin bisa Sabab  tugas nu kuring gé loba Ngonsép, ngetik, jeung sajabana Jaba kudu onlén, aplod sagala Ti harita saré gi