Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2018

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-3

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring   Carita Urang ) Bagéan ka-3 NYUSUD TULUNG             Sabalikna ti sakola, kuring dibagéakeun ku Ema di lawang panto. Ema tos ngantosan kéngéng dangdos rapih pisan. Kuring uluk salam, bari ngesun panangan Ema.Ku Ema sirah kuring diusapan.Tuluy kuring ditungtun diajak asup ka imah. “Ceu, geura emam heula!” saur Ema. “Muhun, Ma,” ceuk kuring. Kuring dahar saaya-aya. Saperti biasana beuleum asin , lalab jeung sambel goang. Nikmat pisan ari kakara balik sakola mah. Réngsé dahar tuluy kuring cucul baju, diganti ku baju anu pang alusna. “Hayu, tos siap!” saur Ema. “Atos, Ma,” ceuk kuring. “Nya atuh urang ka bumi uwa, urang neda pidu’a sareng naroskeun ka kapala sakola,”saur Ema. “Mangga, Ma,” ceuk kuring bari nutupkeun panto. “Ma, ari Apa kumaha?” ceuk kuring. “Keun wé da nuju tibra. Sakedap deui Si Nyai kadieu,” saur Ema Kuring jeung Ema indit ka lembur uwa. Sanepina di bumi uwa, kuring menta pidu’a ka uwa sakulawarga s