Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2018

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG BAGÉAN KA - 2

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang ) Bagéan ka-2 POÉ MUNGGARAN SAKOLA             Barang datang ka sakola, isuk kénéh can aya sasaha. Jol aya lalaki tuluy nyampeurkeun ka kuring. “Siswa baru, ya?” tanya manéhna. Kuring unggeuk minangka jawabna. “Tanginas énjing kénéh tos ka dieu. Manawi téh abdi pang énjingna,” pokna deui. Kuring unggeuk deui.             Jol aya sababaraha urang siswa maké saragam bodas abu-abu, jigana panitia. “Itu panitia geuning némbé sumping ka dieu, nya?”pokna deui. Kuring unggeuk deui. “Tah tos tilu kali unggeuk, hoyong nguping kumaha soantenna, halimpu teu?” pokna deui. Kuring seuri bari tungkul. “Itu geura kalah gumujeng,”pokna deui. “Atuda nu sanés mah pami munggaran tepang téh sok kenalan, nepangkeun diri,”témbal kuring bari seuri deui. “Oh, janten palay kenalan mangga atuh, ari kitu mah. Punten nya, ti tadi ditaros baé,” ceuk manehna. “Abdi mah alim ditaros baé,” ceuk kuring. “Nya atuh moal naros baé, tapi ba