FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG BAGÉAN KA - 2

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG
( Hariring Kuring  Carita Urang )

Bagéan ka-2
POÉ MUNGGARAN SAKOLA
            Barang datang ka sakola, isuk kénéh can aya sasaha. Jol aya lalaki tuluy nyampeurkeun ka kuring. “Siswa baru, ya?” tanya manéhna. Kuring unggeuk minangka jawabna. “Tanginas énjing kénéh tos ka dieu. Manawi téh abdi pang énjingna,” pokna deui. Kuring unggeuk deui.
            Jol aya sababaraha urang siswa maké saragam bodas abu-abu, jigana panitia. “Itu panitia geuning némbé sumping ka dieu, nya?”pokna deui. Kuring unggeuk deui. “Tah tos tilu kali unggeuk, hoyong nguping kumaha soantenna, halimpu teu?” pokna deui.
Kuring seuri bari tungkul. “Itu geura kalah gumujeng,”pokna deui. “Atuda nu sanés mah pami munggaran tepang téh sok kenalan, nepangkeun diri,”témbal kuring bari seuri deui.
“Oh, janten palay kenalan mangga atuh, ari kitu mah. Punten nya, ti tadi ditaros baé,” ceuk manehna. “Abdi mah alim ditaros baé,” ceuk kuring. “Nya atuh moal naros baé, tapi badé narosan, ” ceuk manehna bari nyéréngéh. “Iraha badé narosan? ” ceuk kuring. “Tunggu aja tanggal mainnya, ” ceuk manehna jiga nu bener-bener.
            Nu saterusna kuring kenalan jeung manéhna. Déman ngaranna éta lalaki nu nanya baé ti tadi. Tétéla geuning manéhna téh urang lembur deukeut pasir nu malang. Peuntas kidul pasir. Imahna ti sakola ka wétan terus ngidul nanjak mudun, nanjak deui mudun deui saeutik tuluy ngulon. Sok kaliwatan ku kuring ogé lamun rék ka dayeuh. Imah ka tilu ti sisi jalan, cenah. Ngan cenah lamun hayang téréh nepi motong jalan. Ngaliwatan  sawah jeung kebon. Sanggeus kenalan kuring jeung manéhna ngakurkeun nomer daftar ulang, teu jauh nomer kuring jeung nomerna.
            Ti tengah lapang paragi upacara, panitia nyalukan sakabéh siswa anyar. Disebutan nomerna ti hiji nepi ahir. Nya teu sangka kuring baris jeung Déman. Manéhna seuri bari pok ngomong:” Éh, sareng deui.” Kuring unggeuk. Terus panitia macakeun susunan acara. “Sérab, nya?” ceuk Déman. Kuring unggeuk. Sanggeus bérés acara di lapang, siswa-siswi balubar tuluy arasup ka kelas séwang-séwang nu geus ditangtukeun ku panitia. Saméméh asup ka kelas Déman ngageber-geber buku. Pokna:”Panas, nya?” Kuring unggeuk. “Nya Ceuceu mah baku pami tos unggeuk téh,” ceuk Déman bari imut.
Di kelas kuring sabangku jeung Juwita. Jiga nu ngahaja Déman diuk tukangeun kuring. Kuring nyatet nu kudu dibawa isuk keur panataran P4 ( mun ayeuna mah MOS).
Balik bet dituturkeunku Déman. “Ceu, kayanya anak yang duduk di belakang tadi, ngikutin kita euy!” ceuk Juwita. “Biarin, antepkeun!” témbal kuring.“Biarin kumaha, saya mah asa malu,” ceuk Juwita. “Teu nanaon asal ulah malu-maluin,” témbal kuring.
Palebah flamboyan reug kuring jeung Juwita eureun. “Yu, ah duluan! Sampai jumpa bésok !” ceuk Juwita. “Bay .... !” ceuk kuring bari dadah.
Juwita balik ka dayeuh. Kuring anteng dadah nepi ka délman nu ditumpakan ku Juwita teu katingali. 
Barang kuring eureun dadah ti tukang aya nu déhém. "Ehemmm, eheeeemmm", disada deui. Barang dirérét , Déman keur imut mani ngagelenyu. Naha ari Déman bet di dieu. Apan mulihna ka tonggoh ?" ceuk kuring. "Apan nuju menunggu seseorang,"ceuk Déman.”Oh kitu !"Nya atuh tipayun!" ceuk kuring. "Kumaha upami sareng?"ceuk Déman. "Éh, apan nuju menunggu seseorang,sanés?", ceuk kuring. "Nya menungguna  énjing deui,"ceuk Déman. "Euleuh ... jiga dongéng, menunggu bersambung. Nya atuh urang sareng," ceuk kuring. 

Unggeuk jeung imut

Waktu ditanya jawabna unggeuk
Unggeuk lain pédah ambek
Ogé lain pédah henteu daék
Ngan sieun énya ditalék

Waktu neteup anjeun nyéréngéh
Imut lucu ngagelenyu
Ceuk haté naha ku anéh
Ka mamana nuturkeun mimilu

Naha anjeun nuturkeun mimilu? 
Apan anjeun nuju nunggu-nunggu
Ngantosan di dinya unggal waktu
Nu diantos téh saha kitu?

          Déman méméh balik neteup  ka kuring. Pédah kuring katingali ku manéhna siga nu keur sedih meureun. 
          "Punten nya, Ceu. Urang ka pasar heula, supados éngké gampil tumpak angkotna !" ceuk Déman. "Énya, da pami ngantosan nu nyodok mah lami. Mangkaning abdi diantosan ku Éma. Tos jangjian badé nyusud tulung, ceuk kuring. 
               "Abdi tiasa ngabantos?" ceuk Déman. "Nuhun pisan, tapi ieu mah rahasiah," ceuk kuring.
Kuring tuluy balik.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN