Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2018

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-4

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang) Bagéan ka-4 Pentas Seni Siswa Baru Bray kuring beunta, bener kuring tibra da asa teu ngimpi nanaon. Saking ku tibra teu ngadéngé adan subuh. Hudang ogé diguyah-guyah ku Ema.   "Alah Ma, kasiangan!" ceuk kuring bari gura-giru rék indit mandi ka tampian. "Bisi heurin mah di tampian, di WC wé pan caina pinuh dina badéng!" saur Ema. " Nya Ma!" ceuk kuring. Barang nepi ka tampian bener wé heurin. Atuda hudangna kurang subuh. Kuring mandi maké cai tina badéng. Gesut dangdan, kencling indit ka sakola. Barang nepi ka jalan tuluy megat mobil. Mobil pinuh ku barudak SMP , ampir teu bisa diuk dina jok. Lamun nungguan mobil nu kadua meureun kabeurangan pisan datang ka sakola. Barang datang ka sakola bener siswa anyar keur bararis. Kuring dipeugat ku panitia. "Terlambat, ya!? Bagus !"ceuk panitia. "Apa yang membuatmu terlambat ?" saur Téh Nur. "Entahl