FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-4


FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG
( Hariring Kuring  Carita Urang)

Bagéan ka-4


Pentas Seni Siswa Baru

Bray kuring beunta, bener kuring tibra da asa teu ngimpi nanaon. Saking ku tibra teu ngadéngé adan subuh. Hudang ogé diguyah-guyah ku Ema.  
"Alah Ma, kasiangan!" ceuk kuring bari gura-giru rék indit mandi ka tampian. "Bisi heurin mah di tampian, di WC wé pan caina pinuh dina badéng!" saur Ema. " Nya Ma!" ceuk kuring.
Barang nepi ka tampian bener wé heurin. Atuda hudangna kurang subuh. Kuring mandi maké cai tina badéng. Gesut dangdan, kencling indit ka sakola.
Barang nepi ka jalan tuluy megat mobil. Mobil pinuh ku barudak SMP , ampir teu bisa diuk dina jok. Lamun nungguan mobil nu kadua meureun kabeurangan pisan datang ka sakola.
Barang datang ka sakola bener siswa anyar keur bararis. Kuring dipeugat ku panitia. "Terlambat, ya!? Bagus !"ceuk panitia. "Apa yang membuatmu terlambat ?" saur Téh Nur. "Entahlah,mungkin seminggu kurang tidur dan semalam saya tidur nyenyak sekali. Sholat subuh hampir kesiangan. Saya memikirkan ayah saya yang berbulan-bulan sakit keras," témbal kuring. "Ayo ke lapangan sama Tétéh" saur Téh Nur bari nyepengan taktak kuring.
Waktu upacara, dibéwarakeun yén kelas hiji dibagi genep kelas. Daftar ngaran-ngaranna geus dipangpang dina papan pengumuman. Éh, dasar jodo meureun, teuing naon ngaranna bét sakelas jeung Déman, si tukang imut. 
Bérés upacara tuluy siswa anyar nyiap-nyiapkeun properti keur pentas seni. "Ceu, tos siap?'ceuk Déman. Kuring reuwas sugan téh Déman teu ningalikeun. Kuring unggeuk bari ngodok karémbong beureum bodas tina kantong. Karémbong dibeungkeutkeun kana cangkéng. "Déman badé nampilkeun naon?" ceuk kuring. "Moal nampilkeun nanaon, badé nongton Ceuceu wé", témbal Déman nu teu luput tina imut.
Halo  , Ceuceu , gak jadi tampil sama Si Ganteng?" ceuk Bétty rada ngalédék. "Habis Si Gantengnya milih kamu Bet," ceuk kuring bari ngarindat ka  Bétty. "Sorry, ya kita jalan duluan. Si Ganteng sudah menunggu" ceuk Bétty jeung Yuni.
"Hai, Ceu , gak jadi vokal grup, kok malah pakai selendang . Mau nari, ya?"ceuk Bagus. Kuring gideug bari baeud. "Maaf Ceuceu mau tampil sendirian. dia mau nari jaipongan , ceuk Déman mangwalonkeun. "Oh, baguslah. Lagian latihan kemaren kurang kompak . Gak tahu tuh aku pasangannya siapa?" ceuk Bagus katingali semu keuheul.
Hai, Déman kau mau tampil?"ceuk Bagus ka Déman. "Tidak, males ah!"ceuk Déman. "Kalau gitu kita jadi penonton yang baik aja. Habis cewek-cewek yang latihan sama aku pada rese.  Mungkin aku kurang ganteng kali , ya? ceuk Bagus. "Bukan  kurang ganteng, kurang jelek kali. Gantengnya dikit, jeleknya banyak,"ceuk Déman bari nyéréngéh.
"Sebenarnya ganteng atau cantiknya seseorang kan bukan dari luarnya saja. Kamu dan Déman juga ganteng kok !" ceuk kuring. "Bisa aja," ceuk maranéhna kompak.
"Jalma nu geulis, geulis tina haténa. Lalaki ogé sarua kasép di jéro haténa. Éndah lain pupulasan, lain jiga ketok méjik. Ogé lain imitasi. Sanajan aya dina tempat kotor ngandung harti teu beresih. Sanajan dina kaayaan hina papa , hirup euweuh ragap taya. Tapi lamun geulis haténa teu perlu diperhatikeun deui luarna. Da nu luar mah moal lana. Ibarat taraté sanajan hirupna dina leutak tapi bakal katingali éndahna. Komo mun dirawat dihadé-hadé. Komo deui tos geulis atawa kasép téh pinter deui sakolana, loba élmuna,” ” ceuk kuring.
            “Ngerti tidak, Gus?” ceuk Déman. “Ngerti Cuma aku susah ngomongnya  aja. Padahal udah tiga tahun di daerah Sunda,” témbal Bagus.

Hariring
Taraté Mekar

Taraté nu mekar di patamanan
Daunna mebér melengkung
Mangka hadé gumelar di pawenangan
Neneda hirup bener kanu Agung

Taraté payunen gedong réktorat
Nambahan éndah kaayaan kampus
Mangka hadé nungtut élmu entong élat
Ngarah betah hirup hurip jadi mulus

Taraté nu mekar subur dina émpang
Kacurugan nyurugna cai pancuran
Mangka hadé nungtut élmu téh teu gampang
Masing junun miharti bebeneran

Taraté mekar dina babalongan
Kahalangan jukut paris jeung saladah
Mangka hadé ngalap élmu kajongjonan
Nyiar harta teu karoris teu ibadah

Taraté nu mekar di pilemburan
Pacampur écéng gondok jeung kayambang
Mangka hadé élmu lain keur minteran
Lampah goréng laku awon tong disorang

Taraté nu mekar  di sisi situ
Diparetik ku anu eukeur mancing
Mangka hadé boga élmu  pangaweruh
Tong licik ulah curaling

Taraté mekar payunen saung ranggon
Daun luis dipiara unggal dinten
Mangka hadé nungtut élmu soson-soson
Jaga baris ditanya jeung diréken

            Saméméh tampil ka panggung awak karasa lungsé. Lungsé lain pédah dilédékan ku Bétty jeung Yuni. Teuing kunaon? Gering meureun. Pipikiran asa muter, baluweng asa gumulung.
            “Ceu, dipanggil tuh. Ayo semangat aku mendukungmu!”ceuk Bagus. Rét kuring ngarérét ka Déman nu keur imut bari keprok, nyumangetan.
            Kuring turun tina panggung, tuluy bébérés rék balik. Déman nuturkeun ti tukangeun.        
            “Ceu meni rurusuhan badé ka mana?” ceuk Déman bangun harendeg. “Uih, ” ceuk kuring horéam némbalan.
            “Hai, kalian mau ke mana? Bentar lagi akan diumumkan siapa juaranya, ”ceuk Bagus.”Abdi mah teu mungkin juara, ” ceuk kuring bari gideug.
            “Oh, ya teman. Aku pulang duluan, ” ceuk kuring bari dadah ka Déman jeung Bagus. Bagus ngabales dadah ka kuring. Déman mah cicing wé. Teuing rék balik teuing moal.
            Barang kuring ngaléngkah manehna nuturkeun. “Teu nunggu seseorang di hadapeun flamboyan? ” ceuk kuring. “Atos tadi énjing-énjing, tapi .... Déman eureun ngomongna. “Tapi naon? ” ceuk kuring panasaran. “Can ogé seseorangna sumping, éh kabujeng dipiwarang baris ku panitia,”ceuk Déman. “Urang sareng deui, yu! Tong ngemutan waé seseorang, ” ceuk kuring. “Mangga,”ceuk manehna.
            “Kuring balik rada soré. Ema nuju ngarapihkeun acuk nu tos diléot. “Ceu mana acuk saragam badé diléot! Saur Ema. “Tos rapih, Ma, ” ceuk kuring. Kuring ka kamar rék ngajaran saragam nu anyar dikaput.
           






























Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN