HARIRING KURING CARITA URANG


FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG adalah judul dongeng, pada setiap episode diselipkan syair (hariring) yang merupakan curahan  hati. Di bawah ini salah satu hariring yang menjadi favorit penulis.

HARIRING:

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG

Basa urang patepang anu munggaran
Di antara rajegna tangkal flamboyan
Sisi jalan manehna rék megat délman
Nu harita ku kuring  keur ditumpakan


Ti wétan délman maju ka kulon
Panasaran ieu panon hayang, hayang mencrong



Teu katahan ieu biwir hayang ngomong
Ngan sok inggis nu manis heunteu ngawalon






Teu sangka nu manis ngajak kenalan
Haté reuwas, atoh jeung seseblakan
Malahan mah nu manis ngajak jangjian
Diantos handapeun tangkal flamboyan

Flamboyan palebah jalan ka Lémbang
Nu manis jungjunan rék ditungguan
Flamboyan palebah jalan ka Lémbang

Susuganan jangjina heunteu nyalahan



 Selanjutnya nantikan dongeng bagian pertama !  Terima kasih/Antosan dongéng bagéan kahiji ! Hatur nuhun.


Hariring  1 :
BAGJA CAMPUR TUNGGARA

Mungguhing bulan cahyaan caang
Nanging batin poék ku rupa-rupa hahalang
Geuning kasusah teu weléh datang
Unggal peuting ... unggal beurang

Sanajan saliwat jiga marahmay
Padahal gumbira bagja téh lugay
Hayang kabagjaan terus nyampay
Nun Gusti mugia tunggara nyingray

Jalan nu kamari asa ngimpi
Jalan ayeuna asa sandiwara
Jalan nu bakal can katingali
Sugan tunggara jalanna bagja

Hariring 2  :

Unggeuk jeung imut

Waktu ditanya jawabna unggeuk
Unggeuk lain pédah ambeuk
Ogé lain pédah henteu daék
Ngan sieun énya ditalék

Waktu neteup anjeun nyéréngéh
Imut lucu ngagelenyu
Ceuk haté naha ku anéh
Ka mamana nuturkeun mimilu

Naha anjeun nuturkeun mimilu? 
Apan anjeun nuju nunggu-nunggu
Ngantosan di dinya unggal waktu
Nu diantos téh saha kitu?




Hariring 3 :

Nyusud Tulung

1.   Ti lembur indit ka kota
Nungtut élmu niat sakola
Tapi dalah di kumaha
Lamun teu boga biaya

2.      Nyusud tulung ka ditu ka dieu
Batan hasil kalah misleuk
Ari nasib kedah kieu
Najan pinuh keuheul ambeuk

3.      Ngajul béntang ku asiwung
Béntang luhur di awang-awang
Nyungkeun tulung kanu Agung
Tempat kuring pikeun muntang

Hariring  4
Taraté Mekar
Taraté nu mekar di patamanan
Daunna mebér melengkung
Mangka hadé gumelar di pawenangan
Neneda hirup bener kanu Agung

Taraté payunen gedong réktorat
Nambahan éndah kaayaan kampus
Mangka hadé nungtut élmu entong élat
Ngarah betah hirup hurip jadi mulus

Taraté nu mekar subur dina émpang
Kacurugan nyurugna cai pancuran
Mangka hadé nungtut élmu téh teu gampang
Masing junun miharti bebeneran

Taraté mekar dina babalongan
Kahalangan jukut paris jeung saladah
Mangka hadé ngalap élmu kajongjonan
Nyiar harta teu karoris teu ibadah

Taraté nu mekar di pilemburan
Pacampur écéng gondok jeung kayambang
Mangka hadé élmu lain keur minteran
Lampah goréng laku awon tong disorang

Taraté nu mekar  di sisi situ
Diparetik ku anu eukeur mancing
Mangka hadé boga élmu  pangaweruh
Tong licik ulah curaling

Taraté mekar payunen saung ranggon
Daun luis dipiara uanggal dinten
Mangka hadé nungtut élmu soson-soson

Jaga baris ditanya jeung diréken


Komentar

  1. Balasan
    1. Hatur nuhun, tamba ngahuleng we, nyawang ka tukang heuheuy ....

      Hapus
  2. Hatur nuhun, tamba ngahuleng we, nyawang ka tukang heuheuy ....

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN