Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2020

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-6 HIRUP NYORANGAN

HIRUP NYORANGAN ( Bag é an ka-6 ) Mobil nu ditumpakan ku kuring jeung Déman reg eureun palebah pasir nu malang. Jut Déman turun. Tuluy dadah bari imut. Manéhna leumpang ka tonggoh. Teu karasa mobil geus nepi ka lembur. Sanepina ka imah, Ema nuju bébérés sareng tatangga. “Ceu ka dieu!”saur Ema. Kuring nyampeurkeun. Badé aya naon, Ma,” ceuk kuring. “Bieu saur Téh Aan sareng Kang Kana, urang téh dipiwarang ngalih ka kidul. Ka bumi anjeunna. Tapi Ema sarantos heula . É ngké wé tos   bérés tujuhna Apa. Kumaha ceuk Ceuceu? ”saur Ema. “Teu langkung Ema. Pami baris pisaéeun, nya ngiringan wé. Jol Si Tétéh jeung budakna nu cikal nyampeurkeun ka Ema. “Ma, naha Ema téh rék ningalkeun abdi?”ceuk Si Tétéh. Meureun ti tadi téh ngadédéngékeun di buruan.”Lain kitu Ema bakal balik ka dieu saminggu sakali. Rék   némpoan kebon. Sanajan ngan satalapok kéong gé lumayan cauna. Kuring salila lima peuting mikir. Lamun milu ka Ema cicing jeung batur , teu kabayang biheung bisa ngapalkeun.