FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-6 HIRUP NYORANGAN
HIRUP NYORANGAN
( Bagéan ka-6 )
Lamun hayang
dahar ngeunah, geus boga salaki
Papakéan nu aralus dipangmeulikeun salaki
Imah gedong sigrong dipangnyieunkeun salaki
Hirup senang, disenangkeun ku salaki
Tapi tong loba
pikiran
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
Sing taliti kudu ati-ati
Lamun rék milih nu jadi salaki
( Bagéan ka-6 )
Mobil nu ditumpakan ku kuring
jeung Déman reg eureun palebah pasir nu malang. Jut Déman turun. Tuluy
dadah bari imut. Manéhna leumpang ka tonggoh.
Teu karasa mobil geus nepi ka lembur. Sanepina ka imah, Ema nuju bébérés
sareng tatangga.
“Ceu ka dieu!”saur Ema. Kuring nyampeurkeun. Badé aya naon, Ma,” ceuk
kuring. “Bieu saur Téh Aan sareng Kang Kana, urang téh dipiwarang ngalih ka
kidul. Ka bumi anjeunna. Tapi Ema sarantos heula . Éngké wé tos bérés tujuhna Apa. Kumaha ceuk Ceuceu? ”saur
Ema. “Teu langkung Ema. Pami baris pisaéeun, nya ngiringan wé.
Jol Si Tétéh jeung budakna nu cikal nyampeurkeun ka Ema. “Ma, naha Ema
téh rék ningalkeun abdi?”ceuk Si Tétéh. Meureun ti tadi téh ngadédéngékeun di
buruan.”Lain kitu Ema bakal balik ka dieu saminggu sakali. Rék némpoan kebon. Sanajan ngan satalapok kéong gé
lumayan cauna.
Kuring salila lima peuting mikir. Lamun milu ka Ema cicing jeung batur ,
teu kabayang biheung bisa ngapalkeun.
“Ma, Ceuceu mah moal ngiring ka Ema sieun teu betah, ” ceuk kuring.
“Kumaha Ceuceu wé atuh. Ema rék ngalongokan ka dieu malem Minggu. Ngan sing
bageur, ulah carékeun. Jiga teu apal waé watek Si Tétéh, ”saur Ema.
Poé ka dalapan sanggeus bérés tujuhna Apa. Ema sareng Si Nyai pindah ka
lembur kidul. Kuring hirup nyorangan ti harita. Duit ti Ema kudu dijeujeuhkeun kudu mahi saméméh Ema
datang deui.
Harita salila saminggu, diitung-itung duit téh nya mahi ari keur ongkos
mah. Ngan pédah moal jajan. Deungeun sangu diirit, da suluhna mah loba di
kolong. Béas pinuh kénéh dina padaringan. Paré ogé sababaraha geugeus deui
tutueun di goah.
Unggal isuk sok ngaliwét saentik. Keur sapoéeun, tampolana tara béak.
Luhureun liwet sok ditumpangan céngék ngora, lamun aya sok meuleum boloco jeung
tarasi. Ampir unggal poé kuring sarapan jeung lauk asin. Kahirupan jadi kieu ti
saprak Apa maot. Baréto basa jumeneng, dahar téh deungeunna mindeng ganti. Mun
aya nu hajat Apa sok meunang berekat. Kuring mindeng dahar jeung daging. Komo
bulan puasa malem lilikuran sok loba nu ngondang ka Apa. Apa sok meunang berekah
sababaraha boboko. Baju lebaran ogé sok dipangmeulikeun dua stél éwang. Ngan
taun kamari wé ti saprak Apa teu damang teu ganti baju anyar.
Kuring kudu neger-neger
haté. Mun teu ras kana ucapan Ema matak ngarasula. Tapi kuring tetep yakin yén
Nu Kawasa langkung uninga.
Teu karasa geus saminggu kuring hirup nyorangan. “Naha saterusna kuring
bakat kuat?. Mung Gusti Nu langkung uninga. Sanajan kuring siswa SMA tapi
pikeun kuring can siap lamun hirup nyorangan jauh ti indung bari jeung sagala
warurat. Duh Gusti parin abdi kakiatan!”ceuk haté.
Bada asar torojol Ema sumping bari ngagandong gémbolan. Ti kajauhan Ema
tos imut bari leumpangna digancangkeun. Kuring ngarangkul Ema di buruan kénéh.
Ema ngécagkeun gémbolan di golodog. Éta
gémbolan ku kuring dibawa ka jero imah, tuluy dibuka. Eusina béas huma
semu beureum, sampeu jeung cabé kiriting.
“Ceu, ieu cicis, ”saur Ema bari masihkeun artos nu ditungkus ku
saputangan. “Nuhun, Ma. Nu minggu kamari ogé aya kénéh sakeudik deui, ” ceuk
kuring bari nyurucudkeun cimata. “Baruk,
atuh meureunan teu jajan? ”saur Ema. “Henteu, Ma, témbal kuring.
Waktu Ema kulem, kuring ngitung duit. Keur meuli deungeun sangu, keur
meuli sabun jeung sampo sésana keur ongkos. “Duh Gusti, ieu artos ti Ema téh
sing cekap.”
Ngong adan subuh, Ema masih kénéh tibra. Kuring teu wani ngageuingkeun.
Liwet haneut jeung sambel goang di tengah imah geus dijagragkeun na luhur
samak. Tas salat subuh kuring ka warung, pupuntenan dan can buka. Kuring meuli
kurupuk satoros.
Barang sup ka imah, Ema nuju ngalas sangu liwet terus dicocolkeun kana
sambel goang. “Ema ieu kurupuk, ” ceuk kuring. “Keun éngké waé keur ubar lada.
Ayeuna Ceuceu can bisa bagja wayahna. Lain Ema teu karunya. Keun sugan jaga ku
salaki. Hayang dahar ngeunah éngké mun geus boga salaki. Papakéan alus sing
dipangmeulikeun salaki, imah alus sing dipangnyieunkeun ku salaki. Sing
disenangkeun ku salaki.. Tapi ayeuna mah sakola waé sing junun. Tong loba
pikiran , tong kabawa ku sakaba-kaba, sing taliti, ati-ati, ulah kajurung ku
napsu,” saur Ema.
“Geura bérésan, Ema rék ka kidul deui da paculeun lega kénéh. Bisi
kabeurangan éra ku dunungan, ”saur Ema. “Muhun, Ma, ” ceuk kuring. Kuring
muntangan panangan Ema. Lalaunan panangan Ema ku kuring dileupaskeun. Ema turun
ti golodog, bari gugupay. Kuring tuluy asup ka imah. Tina jandéla kaca kuring ningali Ema nepi ka teu
katingali. Kuring ceurik salila-lila.
Hariring
Lamun Geus Boga SalakiPapakéan nu aralus dipangmeulikeun salaki
Imah gedong sigrong dipangnyieunkeun salaki
Hirup senang, disenangkeun ku salaki
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
Sing taliti kudu ati-ati
Lamun rék milih nu jadi salaki
Kuring ka sakola rebun kénéh.
Jalan ieu nu disorang tilas Ema subuh. Ari Ema mah palebah pertiluan tuluy ka
kidul. Ari kuring mah ngulon. Sugan bagja sakumaha pangdu’a Ema. Reg mobil
eureun tuluy kuring naék. “Sakola Néng?”ceuk kenék. “Muhun, Kang,” témbal
kuring. Kuring tungkul sieun ditanya deui. Katingali ku juru panon éta kenék
téh neuteup baé ka kuring. “Ah mangsa bodo,”ceuk haté.
Teu karasa mobil eureun padahal kuring can ménta eureun. Meureun éta
kenék geus apaleun. Tuluy kuring turun. Nyampak Déman keur nungguan palebah
pineus. “Hayu badé sareng?” ceuk Déman. “Urang ka panto pipir waé sugan can
dikonci. Nya mun Déman hayang panto hareup hayu. Pan Déman rék nungguan
seseorang di handapeun flamboyan, nya? ” ceuk kuring. “Pami aya Ceuceu mah moal
nunggu seseorang,” ceuk Déman. “Naha bisi cemburu kitu seseorangna? ” ceuk
kuring.”Duka atuh, ” ceuk Déman. Tétéla panto pipir téh dikonci. Tuluy kuring
jeung Déman ka lebak rék jalan panto hareup.
Komentar
Posting Komentar