PKP OH PKP ( PUISI PKP )




   Bu Pengawas , Bu GI dan Peserta PKP Kelas Rendah 
   Kecamatan Lembang


PKP OH PKP

(Puisi PKP)
Ku : Inah Enceu

Poé Ahad, mangsana peré
Waktuna istirahat, nyalsé
Kudu palatihan Pékapé
Ngeureuyeuh sanajan capé

In hiji taya nu kudu dipigawé
In dua mimiti aya LK kudu onlén
Loding, unavailable, érror baé
Aplod LK kudu mulan-malén

Janari buru-buru onlén deui
Dina  kaayaan keur sepi
Néang LK peuting tadi
Haté bungah LK geus nepi

Leuheung mun kelompokna kompak
Nyusun tugas imet, heunteu ngacak
Kadang babaturan teu nyampak
Sakapeung haté sok soak

On hiji RPP, nyieun nu HOTS
Mungguhing Penilaianana mah HOTS
Najan LK aya nu tinggal niron
Ngonsép kudu rada alon-alon

In tilu can parat tugas
Geus aya anu ngahiras
Cenah bantosan sing ihlas
Teu téga ningali anu ngahélas

Sanajan haté teu yakin bisa
Sabab  tugas nu kuring gé loba
Ngonsép, ngetik, jeung sajabana
Jaba kudu onlén, aplod sagala

Ti harita saré gigireun léptop
Bari nungguan internét nonstop
Loba tagihan nu can diaplod
Léptop poho teu distop

On dua nyieun RPP unit dua
Jaba kudu jeung praktékna
Dipeunteun  ku kapala sakola
Ti awal nepi ka ahirna

In opat leuheung teu pati bangga
Aya waktu rada laluasa
Sabab Lkna ampir sarua
Jeung LK in tilu basa éta

On tilu pon kitu deui
Lk sarua jeung minggu kamari
Prakték ngajar kadua, basa éta kahiji
Ngan on tilu ngajarna lami

In lima best practice kudu diprin
Jeung ngeprin lembar monitoring
Éta gé diaplod kudu dikirim
Minangka tagihan nu ahir

PéKaPé, PéKaPé, oh PéKaPé
Sanajan mindeng rudet haté
Bébas tugas, ahirna bisa nyalsé
Narima honor, duit pamura-paméré

Nunggu ujian , teu puguh rarasaan
Mélang, hariwang, deg-degan
Sok sieun teu lulus, panasaran
Duh Gusti tangtayungan

Sukur-sukur  lamun bisa lulus
Komo mun peunteunna alus
Sabab hasil ujian moal bisa dipupus
Duka  teuing mun pamupusna husus

Mun teu lulus ulah susah
Éta tandana kudu betah
Jeung tandana pamaréntah nyaah
Bakal narima deui duit jatah
                                                                                                                  

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN