FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG
(Hariring Kuring Carita Urang)
PENCOK HIRIS KANGGO EMA

( Bagéan ka-7 )



                Waktu kuring jeung Déman nepi ka panto hareup, Irén geus nungguan. Pok ngomong:”Ceu ngerjakeun PR téh éngké balik sakola,nya?” Enya, ”témbal kuring.

                Teu karasa bél tandana bubaran sakola disada. Kuring jeung Irén indit ka imah Irén.
“Tungguan di dieu sakeudeung!”ceuk Irén.

Kuring cicing handapeun flamboyan bari ningalikeun kandaraan nu lalar liwat. Rupa-rupa mobil aralus pisan. Pating gurilap kacana katojo ku panon poé. Matak sérab ningalina. Motor pasiap-siap ngebut. Aya ogé délman, malahan reg eureun. Tuluy kusirna ngomong:”Néng ka Lémbang?”Moal, Mang!” ”ceuk kuring bari mundur nyisi pisan.

Gék kuring diuk dina batu bari nyarandé kana tangkal flamboyan. Awak nu tadina hareudang jadi rada tiis ayeuna mah. Kaiuhan , jeung hiliwirna angin matak seger.

“Ceu … Ceu … Ceu …!” Irén ngaguyahkeun. Kuring reuwas rét ka Irén nu keur nyeungseurikeun. “Kalah nundutan,” pokna deui. Atuda meni lila teuing, ”ceuk kuring. Lain Irén  wungkul nu nyengseurikeun téh, Déman ogé. Tapi Déman mah seurina rada dipégég. “Keur naon Déman, ”ceuk Irén. “Nunggu seseorang,”ceuk Déman. “Someone, ni ye…!”ceuk Irén.

Irén malik ka tukang, euweuh sasaha. “Naha nya, Ceu, Si Déman keur nunggu seseorang tapi geuning terus indit. Saya jadi curiga, naha unggal Ceuceu geus balik, manehna balik? Naha Déman nunggu kamu, Ceu? ”ceuk Irén panasaran. “Kajeun teuing. Ti iraha Irén jadi détéktif? ”ceuk kuring. “Ada aja,”jawab Irén bari seuri. “Nya ti mimiti asup sakola atuh. Da Si Déman sok nangtung handapeun flamboyan unggal poé. Lamun geus aya Ceuceu sok indit nuturkeun tukangen Ceuceu," pokna deui, bari nyéréngéh.

Barang nepi kana téras imah, Irén tuluy mencét bél. Teu lila panto aya nu muka. “Siang, Néng!” ceuk nu muka panto. “Euh lila-lila teuing muka panto téh! Ieu geus lapar! ”ceuk Irén.

“Hayu ka jero, ”ceuk Irén ka kuring. Kuring puluhak-polohok nempoan kaayaan di jero imah. Rupa-rupa lukisan aralus pisan. Pot-pot karamik harérang pon kitu deui pakakasna. Gelas-gelas kaca, kekembangan jeung sajabana.

“Sok diuk! ”ceuk Irén. Satengah ngarénjag kuring bébéléhéman, asa éra parada. “Salsé  wé heueuh? Angguran urang dahar heula!”pokna deui. Kuring unggeuk. Gék kuring diuk dina korsi anu hipu, nyanghareupan méja anu buleud.

“Nginumna rék panas atawa tiis? ”ceuk Irén. “Tiis wé,”témbal kuring.

“Bi, sadiakeun makan siang! ”ceuk Irén. Kurang ti sapuluh menit dahareun geus sadia dina méja makan. Rupa-rupa kadaharan, daging, sayur sop, jeung teuing naon deui , kuring teu apal ngaranna. Kuring kumétap ningali daging hayam. Da jarang manggih daging. Sapopoé ukur dahar lalab jeung sambel, kadang-kadang jeung lauk asin.

Kop kuring nyodok sangu saeutik bari rada asa-asa. Sabada ngadoa dekul kuring dahar. Pingping hayam ampir satengahna nu didahar. Barang rék dihuapkeun deui kadéngé aya nu ngomong tarik semu ambek: “Irén, mana ayam Tétéh?!”Kuring reuwas bari muragkeun pingping hayam nu rék digégél. Irén bangun nu reuwas kaciri beungeutna pias jeung leungeunna semu ngadégdég. “Maap Tétéh, itu masih seueur!” walon Irén. Téh Ira nyolongkrong kana piring wadah daging hayam bari mulak malik tumpukan daging . Dina piring ngan aya dadana wungkul. Meureun Téh Ira palay tuang pingpingna.

Téh Ira neunggeul méja makam satarikna tuluy ngaléos teuing ka mana.

“Hampura nya, Ceu? ”ceuk Irén semu geumpeur. Irén mémérés dahareun nu mawur dina méja lantaran méjana diteunggeul ku Tétéhna.

Teu nanaon,”ceuk kuring. Najan lapar kénéh kuring eureun dahar. Pingping hayam nu sabeulah deui disimpen na wadah runtah bari dipelong ku kuring. Kuring  milu mérésan dahareun, jeung piring kotor disimpen ka dapur. 

“Naha waka eunggeusan, sok dahar deui bisi can wareg! ”ceuk Irén. Kuring gideug.

Kuring nyokot sabun rék ngumbah piring, ngan kaburu dicarék ku Irén. Pokna:”Keun tong dikumbah éngké ku Bibi!” Kuring tuluy ngumbah leungeun dina wastapel.

“Rén, balik ayeuna, nya?! ”ceuk kuring. “Naha pan rék ngerjakeun PR babarengan.“Ema bisi ngarep-ngarep, ”ceuk kuring. “Nya, atuh. Sing salamet,” ”ceuk Irén.

Irén nganteurkeun kuring nepi ka sisi jalan. “Tuh geuning mobilna! ”ceuk Irén bari ngepeulan duit kana leungeun kuring. “Nuhun, Rén, ”ceuk kuring bari dadah. Kuring tuluy naék kana mobil.

Dina mobil sirah karasa beurat, mikiran kajadian bieu di imah Irén. Piceurikeun nu ti tadi ditahan-tahan teu kaampeuh. Ahirna ting surungkuy tina juru mata. Sakapeung disusut ku saputangan.

Teu karasa mobil geus nepi ka gapura, reg mobil eureun. Jut kuring turun bari bayar ongkos. “Ieu, Mang ongkosna, ”ceuk kuring. Kénék kéképéhan embung narima. “Kanggo jajan Eneng!” saur pa supir. “Tuh ceuk Emang gé teu kedah mayar,”ceuk kénék.

Kurang ti sapuluh menit, kuring nepi ka imah. Panto pageuh kénéh tandana Ema can mulih. Kulutrak konci panto dibuka. Kalacat naék kana golodog. Sup asup ka imah. Kuring salin baju. Tuluy ka goah mariksa padaringan. Barang ditéang béas aya kénéh. Kuring reugreug , sabab teu kudu nutu heula. Kuring ngulak béas saentik, tuluy diisikan. Sanggeus ngisikan béas téh diliwet kana kastrol ambéh téréh asak jeung hanetna lila.

Sabot nungguan liwet, kurah-koréh kana téténong, geuning dengen sangu téh kosong. Ningali ka pipir sirung daun sampeu gé pendék kénéh can saminggu diundeur.

Sanggeus liwet saat,tuluy suluhna dipulut. Suluh nu seuneuan   kénéh dikaluarkeun sina pareum. Lawang hawu ditutup maké téréblék.

Kop kana boboko tukung, kencling kuring indit ka pasir. Nepi ka pasir tuluy ngala hiris meunang satengah boboko tukung. Ampir magrib kuring nepi ka imah. Liwet ditéang geus asak , tuluy nyiapkeun coét jeung mutu. Hiris meunang mesék dikumpulkeun sikina dicampurkeun jeung nu rada ngorana. Nu ngorana mah teu dipesék. Éta hiris dijieun pencok ku kuring. Sangeus anggeus diasaan terus disimpen na lomari dapur.

Teu kungsi lila, torojol Ema mulih. “Ceu…,Ceuceu…, tos uih?!”saur Ema bari mukakeun panto. Kuring unggeuk. Kaciri pamenteu Ema marahmay. Ema lebet teras ngusapan sirah kuring.

“Tos nyangu?”saur Ema bari gap kana poci nyicikeun cai.”Parantos, Ma,”témbal kuring.

Kuring ngamparkeun samak saheulay. Liwet dina kastrol jeung pancok hiris dijagragkeun ka payunen Ema. “Mangga, Ma. Meungpeung hanet kénéh!”ceuk kuring bari nyodorkeun piring. “Sok atuh bareng, Ceu! ”saur Ema bari nyodok sangu. “Atos, Ma, ”ceuk kuring. ”Iraha?” ”saur Ema. Tadi di bumi réréncangan, ”walon kuring. “Meureun di babaturan mah réncangna sagala aya? ”saur Ema. Kuring unggeuk.

Dekul Ema tuang meni ponyo pisan. Cacakan dengenna ngan pencok hiris wungkul. Bari seuhah Ema nyodok liwet deui. Dekul deui tuang. Pencok hiris sacoét ampir séép sadayana ku Ema.

Tah, Ceu bérésan! ”saur Ema bari sibanyo dina kobokan. Eureuleu Ema teurab. Alhamdulillah, nuhun Gusti,”saur Ema ngucap sukur kanu Maha Agung.

Tétéla geuning kabagjaan téh aya di imah, aya di dieu. Aya sagigireun Ema. Lain pédah sagala aya. Tapi aya kadeudeuh, kanyaah Ema nu taya wates wangenna. Padahal kadaharan nu sapopoé ngan ukur saayana. Lalab jeung sambel. Kadangkala asin. Pencok  hiris atawa karédok leunca mun pareng keur usum di kebonna. Manggih daging téh taun kali kitu gé mun lebaran atawa mun aya nu hajat.



Hariring

Pencok Hiris  Kanggo Ema



Sanajan di batur harurung hérang

Jigana ngahenang ngahening senang

Sandang, pangan, papan, taya kakurang

Éta kabéh ngan sangkaan urang



Ieu pencok hiris kanggo Ema

Mugia Ema ponyo tuangna

Hapunten mung sakieu buktosna

Teu ayeuna duh Ema sugan jaga



Sugan jaga aya bagja urang

Bisa sareng deui Ema tuang

Hirup urang senang sasarengan

Dugi ka dipundut ku Pangéran



Bérés salat isa, kuring uplek ngobrol jeung Ema. Ema nanyakeun kaayaan di sakola. Kuring pon kitu deui nanyakeun kaayaan Ema betah heunteuna cicing di dunungan. Bageur heunteuna dunungan Ema. Ahirna Ema lelenggutan tunduheun. Teras kulem   tibra pisan di tengah imah. Ku kuring dianggelan jeung disimbutan. Teu dipiwarang ka kamar da bisi gugah. Dug kuring saré gigireun Ema.

Ampir kabeurangan hudang saré. Sakumaha biasa, enjing kénéh Ema angkat didamel.  Kuring indit ka sakola. Da sieun kabeurangan mangkaning ti lembur ka Lémbang téh jauh ari leumpang mah.  Asa lila sotéh inditna. Asa sakeudeung balikna, balik sakola.                 


Komentar

  1. Slot Machine | Play Online - JtmHub
    Try your luck 속초 출장마사지 at the right casino! Our 충주 출장마사지 slot machine game is simple and fun, with 춘천 출장샵 easy-to-use 경주 출장마사지 features and amazing bonuses. It is fast, 영천 출장마사지

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN