FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-5 Bapa Maot

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG 



BAPA MAOT
( Bagéan ka-5 )

Baju saragam nu anyar meunang ngaput diajaran ku kuring. Kuring ngenteung hareupeun kaca bari nilik-nilik diri. Pantes heunteu maké saragam nu anyar. Sanggeus ngarasa pantes tuluy ka luar ti kamar.
“Ma, Apa, tingal!”ceuk kuring. “Pantes jeung geulis!” saur Ema sareng Apa. “Énjing sakola téh?”saur  Apa bari nyurucudkeun cai soca. “Énjing mah Minggu, pagéto, ” saur  Ema. “Nya atuh sugan wé Apa kaburu damang. Éngké mun ka Lémbang rék dipegat sisi jalan, ” saur  Apa dumareuda. Kuring unggeuk sabab ieu dina tikoro asa nyelek, cimata teu beunang ditahan. Puguh ti sakola sakitu lungséna katambah ningali  Apa jiga kitu asa taya tangan pangawasa. Kuring tuluy diuk.
“Ayeuna mah Apa sing damang heula. Urang doakeun ku urang, Ceuceu téh sing pinter salawasna. Sing aya biayana ti mana wé, sanajan kebon urang tos dijual. Sugan wé kagantian deui keur modal urang pepelakan!” saur  Ema. Ceuceu sing pinter, sing tawakal, sing hasil nu dipimaksud, sing junun nuju ka tujuan, sing kahontal nu dicita-cita,”Apa ngadoakeun.
“Éh geuning tos ampir magrib, Ceu pilarian Si Nyai! ” saur  Ema. “Mangga, Ma, ”ceuk kuring.
Can gé kaluar, néangan Si Nyai. Si Nyai kaburu mukakeun panto. “Ceceu, hayu urang ka masjid, ngaos!”ceuk Si Nyai. “Hayu atuh,”témbal kuring bari ngajéwang mukena nu nyampay dina kastop.  Sabalikna ti masjid kuring jeung Si Nyai ka kamar rék sararé.
“Ceu hayu urang ibak!”ceuk Si Nyai rada lulungu kénéh. “Naha da Ceuceu mah tos ibak. Yu, ku Ceuceu dianteur ka caina. Nyai ibak, Ceuceu badé gégéroh, ”témbal kuring. Sabalikna ti tampian ngong sora adan. Kuring salat jeung Si Nyai. Ari Apa mah sina tayamum teras dibebenah sina mayun ka kiblat.
Sakumha biasa lamun tas bérés salat kuring tuluy maca Surat Yasin. Terus ngadu'a supados Apa énggal didamangkeun deui.
Bray panon poé caang. “Ma, Apa mah hayang moyan!” saur Apa. “Ulah waka bisi karugrag! ” saur  Ema. “Moal sugan wé jagjag deui ari dipoyankeun mah, ” saur Apa.
“Nyai candak samak! ” saur  Ema. Kuring jeung Ema ngagondéng Apa. Si Nyai nyokot samak tuluy diamparkaeun dina téras di buruan nu katojo ku panon poé. Apa dicalikeun sina nyarandé kana bilik nu tos disarandéan bantal.
Kurang leuwih sajam Apa moyan, tuluy ditungtun deui ka tengah imah. Kuring jeung Si Nyai ka kebon rék ngala lalab. Sabalikna ti kebon nyampak geus réa batur nu ka imah ngalayad Apa. Nepi ka soré malah aya nu mondok sagala.
Peuting teuing ku jempling. Ka janarikeun, saperti biasa Ema naher cai terus ka tengah imah nungguan Apa. Katingali palipis Apa késangan. Ku Ema dielap lalaunan. Pameunteu Apa semu nu marahmay tos kitu ray pias. Ku Ema diusapan bari didu'aan.
Kuring ka cai terus wudu. Bada salat subuh kuring maca Surat Yasin. Kakara ogé tamat maca Surat Yasin. Ema ngagentraan. “ Ceu, ka dieu Apa téh tuluy,” saur  Ema. Kuring nyampeurkeun ka tengah imah. “Innallilahi wainailahi rojiun, ”ceuk kuring. Si Nyai rék ceurik tapi ditahan. Kuring gé lamun teu ras inget kana amanat Apa, meureun geus ngahinghing. Sanajan dina tikoro nyelek.
Kuring tuluy lumpat néang Si Ayi adi kuring, lanceuk-lanceuk jeung dulur nu jauh. Jaman harita mah can aya ojég. Kuring lumpat teu sirikna apung-apungan.
Jol balik ka imah Apa badé diibakan . Kuring diceungceurikan ku tatangga jeung dulur-dulur. Aranjeunna mamatahan kudu sabar ka kuring.
Ngahelasna rasa, nyérédétna haté, kagerihna batin ku kuring kaalaman waktu milu ngucurkeun cai tina téko kana raga Apa. Bérés diibakan, dibungkus terus disalatkeun.

Hariring:

Pidu'a Indung Bapa

Mungguhing pidu'a indung bapa
Geuning nu sakitu luhurna
Karidoan ti aranjeunna
Moal aya wates wangenna

Sanajan heunteu dipénta
Lamun urang boga dosa
Aranjeunna lir ibarat sagara
Indung bapa mah lautan hampura

Cenah nu penting mah anak pinter
Hirup répéh rapih cageur bageur
Omat hirup téh ulah badeur
Nyukrih élmu tong galideur
            
           Ngahelasna rasa, nyérédétna haté
           kagerihna batin, pikiran asa ngiles
           Jasa indung bapa nepi ka kuring gédé
           Duh rumasa can bisa ngabales

Kuring salin baju ku saragam sakola anyar ngaput. Anu diajaran bari ditémbongkeun ka Apa mangkukna.
Tamu ngagimbung di luar. Badé jajap Apa ka makam. Lumayan jauh ti imah ka makam da kudu ka pasir, terus mudun saeutik. Sararéa jajap ka makam. Kuring nuturkeun nu loba. Ngan teu tuluy ka makam. Kuring tuluy ka jalan raya megat mobil da rék sakola.
Kuring datang ka sakola pangheulana. Terus diuk bari nyarandé di gigireun tihang. Rarasaan asa ilang daya upaya. Pipikiran anu tadina lieur ayeuna asa kosong molongpong. “Naha ieu nu disebut lamunan,” ceuk haté kuring. Katémbong ku mata haté jalan asa taya hahalang, laleuning.
“Ceuceu, damang?”ceuk Déman. Kuring ngagebeg, lilir tina lamunan. “Éh, Déman, “ceuk kuring. “Hayu urang milih bangku! ”ceuk Déman bari asup ka kelas.
Jol Juwita nyampeurkeun.“Ayo kita masuk!”ceuk manéhna bari ngenyang leungeun kuring. Basa penataran kuring sabangku jeung Juwita. Ayeuna sabangku deui jeung manéhna. Ngan ayeuna mah diukna teu hareupeun Déman. Teuing Déman éraeun ku kuring, teuing hayangeun jauh ti kuring. “Ah naha bét dipikiran teuing. Déman gé can tangtu mikiran kuring.
Sanggeus nunda kantong, kuring diuk deui di luar tempat tadi ngalamun. Ngan ayeuna mah teu ngalamun da sieun teu kadéngé bél.
Jol Téh Nur jeung babaturanana. “Halo, Ceuceu! Bagaimana ayahmu sudah sehat?” ceuk Téh Nur. Kuring gideug. “Oh, masih sakit?” Téh Nur  nanya deui. Kuring gideug deui bari nyusutkeun saputanagn kana juru mata. “Gimana ari Ceuceu, teu puguh?”pokna deui. “Ayah meninggal,”walon kuring teu panjang teu pondok.
Tuluy kuring ka kelas. Téh Nur  dianteupkeun di luar. Téh Nur nuturkeun. “Ya udah atuh yang sabar. Sekarang Tétéh mau ke rumahmu,”ceuk Téh Nur bari ngupahan.
Teu karasa geus waktuna balik sakola. Kuring balik teu inget ka babaturan. Leumpang bari ngalamun. Haté ngolémbar, awak asa ngoléang. Apa, Apa, ngan Apa nu aya dina pikiran. Ti kajauhan, belah peuntaseun jalan Apa gugupay mapageun ngajak uih. Kuring lumpat satarikna nyampeurkeun Apa, tapi ... barang geus deukeut Apa ngaleungit. Duka ka mana? Titingalian asa poék.
Kuring lalaunan mukakeun panon. Bray bénta tétéla bieu téh kuring ngalamun deui. Paingan atuh Apa téh bét ngiles. Sanajan Apa tos Maot, tos teu aya di kieuna tapi Apa tetep aya di haté kuring.
“Ceu, meni gancang-gancang teuing. Sieun kaburitan ka bumina, nya? ”ceuk Déman. Rénjag kuring ngarénjag sataker kebek.
“Kunaon, Ceuceu téh jiga nu ngalamun? ”ceuk Déman. “Ah heunteu, teu jiga ngalamun. Puguh ti tadi gé ngalamun,”témbal kuring. Déman nyéréngéh. “Abdi mah  sedih pami ningal jalmi nu sok ngalamun. Komo nu jadi lamunanana aya payunen. ”ceuk Déman bari imut “Ih naon ari Déman . Saha, Man abdi kitu? “ceuk kuring. “Ah ieu mah ngan saukur upamana, ”ceuk Déman.
Memang Déman hiji-hijina lalaki nu katingali polos. Tapi susah ditebak eusi haténa. Buktina manéhna unggal poé sok nungguan saurang gadis di handapeun flamboyan. Tapi teu saurang gé apal saha éta gadis téh?
“Jigana Déman mah teu nunggu seseorang dinten ieu, nya? ” ceuk kuring. “Henteu nuturkeun Ceuceu wé. Da ti tadi siang dugi ka sonten Ceuceu bangun sedih kacida. Naha kunaon? ”ceuk Déman. “Bapa abdi maot, “ceuk kuring bari nyusut juru panon. “Iraha,Ceu?”pokna deui. “Tadi subuh,”ceuk kuring. “Sing sabar , Ceu. Abdi gé tos ditinggalkeun kunu jadi indung nuju alit kénéh, harita masih SD, ”ceuk Déman.
“Tuh geuning mobil. Hayu,Ceu! ”ceuk Déman bari megat mobil. Kuring jeung Déman numpak mobil. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN