Postingan

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-4

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang) Bagéan ka-4 Pentas Seni Siswa Baru Bray kuring beunta, bener kuring tibra da asa teu ngimpi nanaon. Saking ku tibra teu ngadéngé adan subuh. Hudang ogé diguyah-guyah ku Ema.   "Alah Ma, kasiangan!" ceuk kuring bari gura-giru rék indit mandi ka tampian. "Bisi heurin mah di tampian, di WC wé pan caina pinuh dina badéng!" saur Ema. " Nya Ma!" ceuk kuring. Barang nepi ka tampian bener wé heurin. Atuda hudangna kurang subuh. Kuring mandi maké cai tina badéng. Gesut dangdan, kencling indit ka sakola. Barang nepi ka jalan tuluy megat mobil. Mobil pinuh ku barudak SMP , ampir teu bisa diuk dina jok. Lamun nungguan mobil nu kadua meureun kabeurangan pisan datang ka sakola. Barang datang ka sakola bener siswa anyar keur bararis. Kuring dipeugat ku panitia. "Terlambat, ya!? Bagus !"ceuk panitia. "Apa yang membuatmu terlambat ?" saur Téh Nur. "Entahl...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-3

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring   Carita Urang ) Bagéan ka-3 NYUSUD TULUNG             Sabalikna ti sakola, kuring dibagéakeun ku Ema di lawang panto. Ema tos ngantosan kéngéng dangdos rapih pisan. Kuring uluk salam, bari ngesun panangan Ema.Ku Ema sirah kuring diusapan.Tuluy kuring ditungtun diajak asup ka imah. “Ceu, geura emam heula!” saur Ema. “Muhun, Ma,” ceuk kuring. Kuring dahar saaya-aya. Saperti biasana beuleum asin , lalab jeung sambel goang. Nikmat pisan ari kakara balik sakola mah. Réngsé dahar tuluy kuring cucul baju, diganti ku baju anu pang alusna. “Hayu, tos siap!” saur Ema. “Atos, Ma,” ceuk kuring. “Nya atuh urang ka bumi uwa, urang neda pidu’a sareng naroskeun ka kapala sakola,”saur Ema. “Mangga, Ma,” ceuk kuring bari nutupkeun panto. “Ma, ari Apa kumaha?” ceuk kuring. “Keun wé da nuju tibra. Sakedap deui Si Nyai kadieu,” saur Ema Kuring jeung Ema indit ka lembur uwa. San...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG BAGÉAN KA - 2

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang ) Bagéan ka-2 POÉ MUNGGARAN SAKOLA             Barang datang ka sakola, isuk kénéh can aya sasaha. Jol aya lalaki tuluy nyampeurkeun ka kuring. “Siswa baru, ya?” tanya manéhna. Kuring unggeuk minangka jawabna. “Tanginas énjing kénéh tos ka dieu. Manawi téh abdi pang énjingna,” pokna deui. Kuring unggeuk deui.             Jol aya sababaraha urang siswa maké saragam bodas abu-abu, jigana panitia. “Itu panitia geuning némbé sumping ka dieu, nya?”pokna deui. Kuring unggeuk deui. “Tah tos tilu kali unggeuk, hoyong nguping kumaha soantenna, halimpu teu?” pokna deui. Kuring seuri bari tungkul. “Itu geura kalah gumujeng,”pokna deui. “Atuda nu sanés mah pami munggaran tepang téh sok kenalan, nepangkeun diri,”témbal kuring bari seuri deui. “Oh, janten palay kenalan mangga atuh, ari kitu mah. Punten ny...

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG bagéan ka-1

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG ( Hariring Kuring  Carita Urang ) Bagéan ka-1 BAGJA CAMPUR TUNGGARA Peuting harita pikeun kuring minangka peuting nu éndah sakaligus peuting nu poék. Padahal bulan mah caang ngebrak, ditarétés béntang-béntang. Rasa éndah lantaran isuk rék ngamimitian sakola, ngan kasedih, kasusah, ngagulung asa baluweng. Bisa asup ka SMA negeri ku kersana Gusti nu Maha Suci. Cukang lantaran bibilintik ti SMP kénéh sok dagang. Dagangan nu tatangga. Kayaning bala-bala, peucang (sampeu jeung kacang), géhu, gegetuk, goréng ketan, jeung és. Méh unggal poé kuring mawa dagangan ka sakola. Dagangan diwadahan kana baskom dituruban ku daun cau, ari és mah kana térmos és paragina. Kuring ngélék baskom di belah kénca bari nyoléndang kantong, térmos dijingjing di belah katuhu. Kuring teu ngarasa éra mawa dagangan ka sakola. Baheula waktu keur sakola SD ogé, lamun geus balik ti sakola sok dagang goreng  kicimpring di lapang bari lalajo maén bal. Rét kana ...

HARIRING KURING CARITA URANG

Gambar
FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG adalah judul dongeng, pada setiap episode diselipkan syair (hariring) yang merupakan curahan   hati. Di bawah ini salah satu hariring yang menjadi favorit penulis. HARIRING: FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Basa urang patepang anu munggaran Di antara rajegna tangkal flamboyan Sisi jalan manehna rék megat délman Nu harita ku kuring  keur ditumpakan Ti wétan délman maju ka kulon Panasaran ieu panon hayang, hayang mencrong Teu katahan ieu biwir hayang ngomong Ngan sok inggis nu manis heunteu ngawalon Teu sangka nu manis ngajak kenalan Haté reuwas, atoh jeung seseblakan Malahan mah nu manis ngajak jangjian Diantos handapeun tangkal flamboyan Flamboyan palebah jalan ka Lémbang Nu manis jungjunan rék ditungguan Flamboyan palebah jalan ka Lémbang Susuganan jangjina heunteu nyalahan   Selanjutnya nantikan dongeng bagian pertama !   Terima kasih/Antosan dongéng bagéan kahiji ! H...