FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG bagéan ka-1

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG
( Hariring Kuring  Carita Urang )

Bagéan ka-1
BAGJA CAMPUR TUNGGARA

Peuting harita pikeun kuring minangka peuting nu éndah sakaligus peuting nu poék. Padahal bulan mah caang ngebrak, ditarétés béntang-béntang. Rasa éndah lantaran isuk rék ngamimitian sakola, ngan kasedih, kasusah, ngagulung asa baluweng.
Bisa asup ka SMA negeri ku kersana Gusti nu Maha Suci. Cukang lantaran bibilintik ti SMP kénéh sok dagang. Dagangan nu tatangga. Kayaning bala-bala, peucang (sampeu jeung kacang), géhu, gegetuk, goréng ketan, jeung és. Méh unggal poé kuring mawa dagangan ka sakola. Dagangan diwadahan kana baskom dituruban ku daun cau, ari és mah kana térmos és paragina. Kuring ngélék baskom di belah kénca bari nyoléndang kantong, térmos dijingjing di belah katuhu. Kuring teu ngarasa éra mawa dagangan ka sakola. Baheula waktu keur sakola SD ogé, lamun geus balik ti sakola sok dagang goreng  kicimpring di lapang bari lalajo maén bal.
Rét kana jam, geus peuting. Éma tos mareuman lampu teras ka kamar. Apa ogé jigana tos tibra, teu humarurung baé. Rada mending ayeuna mah, da tuang ogé tos kersaeun. Ngan teu acan tiasa calik, da badé tuang ogé bari nyanda.

Hariring:
BAGJA CAMPUR TUNGGARA

Mungguhing bulan cahyaan caang
Nanging batin poék ku rupa-rupa hahalang
Geuning kasusah teu weléh datang
Unggal peuting ... unggal beurang

Sanajan saliwat jiga marahmay
Padahal gumbira bagja téh lugay
Hayang kabagjaan terus nyampay
Nun Gusti mugia tunggara nyingray

Jalan nu kamari asa ngimpi
Jalan ayeuna asa sandiwara
Jalan nu bakal can katingali
Sugan tunggara jalanna bagja

Kuring lilir saméméh hayam kongkorongok. Rét kana jam nu ngagantung dina bilik. “Ah peuting kénéh,” ceuk haté. Dipeureum-peureum ogé panon teu daék tibra deui, da inget baé apan isuk-isuk rék ngamimitian sakola.  
Kuring hudang terus mariksa papakéan, sapatu urut kelas tilu SMP, baju, erok, topi, dasi, kabéhanana geus sadia bararesih. Kantong dibuka dipariksa eusina. Buku anyar, pulpén anyar, pamupus anyar, jeung patlot anyar meunang nyeukeutan. Ngan cepuk jeung kantong mah urut di SMP butut-butut ogé dioméan lumayan tamba euweuh.
Jung nantung, samak saheulay urut saré geuwat digulung, sup diasupkeun ka kolong méja. Simbut butut jeung bantal disimpen luhureun lomari papakéan.
Barang nyingkabkeun rérégan samping léréng, seuneu enyay-enyayan kaciri tina sela-sela bilik dapur. Barang dideukeutan, geuning Ema nuju mirun seuneu badé naheur cai.
“Ceu, tos gugah?” saur Ema. “Muhun, Ma. Apan supados  jongjon ibakna ari poék kénéh mah,” témbal kuring. “Enya, jung atuh kadé ati-ati bisi tijalikeuh éngké caina ngéplok!” saur Ema. Kop kana émbér, gayung jeung wadah sabun. Anduk nu nyampay didudut terus disampaykeun kana taktak.
            Kuring mukakeun panto, masih kénéh meredong  kaayaan di luar. Bulan nu tadi peuting ngebrak,kahalangan méga hideung.
“Ma, poék geuning,” ceuk kuring. “Anteur ku Ema, nya?” saur Ema.”Wios wé, teu kedah. Abdi badé ngabantun colén, ” témbal kuring. Gap kana colén nu aya di juru dapur, terus disundut ku seuneu tina hawu.
            “Tong katampian atuh poék kénéh mah. Ka dinya wé ka MC ( Mandi Cuci  ) ngarah deukeut!” saur Ema. “Enya, Ma. Urang tingal heula heurin heunteu di jambanna,” ceuk kuring. Da mémang ka tampian lebak mah jaba jauh téh, ari janari mah ongkoh ibunna kandel. Upama aya angin nebak kana kakayon urang siga kahujanan ribeg. Komo lamun peuting atawa soréna tas hujan , reumis, leueur, matak nyorodcod tuur lamun keur mudun.
            Barang ditingali, bener wé di MC masih sepi kénéh. Kuring brus mandi. Réngsé mandi nandéan cai minuhan émbér. Bray-bray rada caang. Kuring niup colén, tuluy  balik bari ngajingjing émbér nu pinuh ku cai.
            Émbér diécagkeun dina golodog, terus mukakeun panto. Kuring ngilikan badéng, tétéla badéng téh masih kosong. Cai tina émbér dieurihkeun kana badéng. Terus indit deui ka MC bari mawa émbér dua, ayeuna mah kénca katuhu. Da geus rada caang teu kudu mawa colén. Malah mah tatangga ogé geus pada nyampak di MC. Aya  nu keur mandi, nyeuseuh, ngisikan jeung nu antri nandéan cai. Kuring gé harita kudu ngantri nandéan cai.
            Rasa kabungah campur jeung sedih. Ari nu jadi sabab kuring geus bisa nulung ka indung nalang bapa. Najan ngan saukur ngunjalan cai. Da anu biasa ngunjalan cai téh Apa sateu acan angkat ka masjid. Pancén kuring mah gégéroh jeung nyangu, nyampakkeun Ema sareng Apa upami tos mulih ti kebon.
Bérés minuhan badéng, kuring gégéroh, tuluy sasapu. Sangu kaanggseu seungit tandana asak. Teu kungsi lila Ema nyauran: “Ceu, Nyai ka dieu geura sasarap heula!”
Kuring jeung Si Nyai, sasarap. Si Nyai tuluy ulin jeung babaturanana teuing ka mana. Kuring pamitan ka Ema sareng Apa. Kuring tuluy indit ka sakola.


Selanjutnya Flamboyan palebah jalan ka Lémbang bagian  ke-2 / Salajengna Flamboyan palebah jalan ka Lémbang bagéan  ka-2 : “POÉ MUNGGARAN SAKOLA”


           







Komentar

Postingan populer dari blog ini

FLAMBOYAN PALEBAH JALAN KA LÉMBANG Bagéan ka-7 PENCOK HIRIS KANGGO EMA

Cerpen : Serantang Bakso di Gerimis Hujan

ALKAYISU, GURU SEBAGAI CERMIN TETAP HARUS BERCERMIN